obat tradisional

advertisement
OBAT TRADISIONAL
Folklor jeung Obat Tradisional
•
Obat tradisional nya éta obat-obatan anu diolah sacara
tradisional, turun-temurun, dumasar resep nenek moyang, adat
istiadat, kapercayaan, atawa kabiasaan masarakat didinya, tina
hal-ahal anu ngandung unsur magis atawa pangaweruh
tradisional. numutkeun hasil panalungtikan jaman ayeuna, obatobatan tradisional memang loba manpaatna pikeun kasehatan,
sarta ayeuna ayeuna leuwih dironjatkeun deui dina
ngamanpaatkeunana lantaran gampang dihontal ku masarakat,
boh hargana atawa ayana éta obat ogé teu loba ngadatangkeun
éfék séjén. Tangtu waé raket patalina antara obat tradisional
jeung folklore, saluyu jeung harti folklor éta sorangan, duanana
ngandung sababaraha kasaruaan nya éta mangrupa bagian tina
kabudayaan anu turun-temurun ti masarakat.
Bahan-Bahan Obat Tradisional
Kembang Srangenge
Sarangéngé
Dipaké pikeun obat:
-keputihan
-tekanan darah tinggi
-harééng
-kencing batu
-rieut
Bawang Beureum
Biasana digunakeun pikeun ngobatan kulit anu
kabanjur minyak panas, dicoco reungit, pikeun ngerok
budak leutik anu asup angin.
Bawang Bodas
Bawang Bodas dipaké pikeun ngaleungitkeun urut cacad raheut.
Daun Dewa
Dipaké pikeun ngobatan kencing manis jeung
panyakit jero nya éta ku cara nginum cai panguluban
daun déwa anu geus dipoé saméméhna.
Tangkal Kina
dipaké pikeun obat malaria
Bawang Daun
dipaké obat hipertensi
Kumis Ucing
Kumis ucing geus lila
dipikawanoh salaku diuretik anu
hasiatna pikeun ngancurkeun
batu saluran kiih, rasana rada
amis saeutik pait, baheula mah
loba jadi di solokan, ngan
ayeuna mah saeutik jalma anus
ok melak di buruan imahna.
Mahkota Dewa
Buah mahkota déwa ngabogaan sababaraha zat aktif, saperti:
a. Alkaloid, sipatna detoksifikasi anu bisa netralisir racun dina
jero awak
b. Saponin, anu ngabogaan mangpaat salaku:
-Sumber anti bakteri jeung anti virus
-Ningkatkeun system daya tahan awak
-Ningkatkeun vitalitas
-Ngurangan kadar gula dina getih
-Ngurangan penggumpalan getih
c. Flavonoid, anu ngabogaan mangpaat:
-Ngalancarkeun jalanna getih kasakabéh awak jeung nyegah ayana
penyumbatan dina pembuluh darah
-Ngurangan kandungan kolesterol
-Ngurangan resiko panyakit jantung koroner
-Ngabogaan zat antiradang
-Pikeun anti oksidan
-Ngabantu ngurangan kanyeri lamun aya pendarahan jeung
pembengkakan
d. Polifenol, ngabogaan fungsi salaku anti histamine (anti alergi)
Koneng temen
Dipaké pikeun obat ateul, kejang sarta
ngurangan bengkak selaput lendir baham.
Lidah Buhaya
Lidah buaya biasana digunakeun pikeun
nyuburkeun buuk, nyageurkeun raheut jeung
pikeun ngarawat kulit.
Cangkudu
Cangkudu (Selenium) mangrupa salah
sahiji mineral anu aya dina cangkudu sarta
mangrupa anti oksidan anu hadé.
Senyawa séjén anu aya dina cangkudu
nya éta:
-Terpenoid, zat ieu ngabantu dina
proses sintesis organic jeung nyageurkeun
sel-sel tubuh.
-Zat anti bakteri, bisa maéhan bakteri nu
nyababkeun infeksi.
-Scolopepin, senyawa ieu efektif pisan
pikeun antiradang jeung anti alergi.
-Zat anti kanker, zat ieu efektif pisan
pikeun ngalawan sel-sel abnormal.
-Xeronine jeung Proxeronine, nya éta
sajenis asam nukleat saperti koloid.
Xeronine diserap sel-sel tubuhpikeun
ngaktifkeun protein-protein anu teu aktif,
ngatur struktur jeung bentuk sel anu aktif.
Memeniran/kokosan
Meniran dipikawanoh minangka
obat pikeun ningkatkeun daya
tahan awak, ngabersihkeun hate,
antiradang, harééng,
ngalancarkeun haid,
ngabéngraskeun tetempoan,
sarta nambah napsu dahar.
Samiloto
Samiloto dipaké pikeun obat diabetes, asam urat
Seureuh
Dipaké pikeun obat: batuk, sariawan, bronchitis,
jerawat, keputihan, nyeri huntu, demam berdarah,
bau baham, asma, radang tenggorokan, gusi
bengkak, mata.
Temulawak
Temulawak
dipaké pikeun obat batuk, maag, nambah
napsu dahar.
Tarate/Lotus
Daun taraté dipercaya bisa
nurunkeun panas, nyageurkeun
rieut jeung diaré. Lebu daun taraté
ngandung efek homeostatic nya
éta kamampuh pikeun malikeun
kondisi awak kana kaayaan
normal, sarta dipercaya bisa
ngeureunkeun pendarahan dina
bayah, irung, rahim. Siki taraté
pikeun kasehatan jantung, limpa,
jeung ginjal.
Urang-Aring
Dipaké pikeun obat diare, keputihan, sesak nafas
Bangkuang
Khasiatna nya éta pikeun ngarawat kecantikan
Gedang
Khasiat Gedang nya éta pikeun:
Daunna anu atah dikureut
laleutik, ditutuan, diperas caina,
sarta diinum pikeun
ngalancarkeun cai susu.
Buahna anu mengkel pikeun
kontrasépsi alami, anu asak jang
pencahar atawa pikeun ngobatan
sembelit
Getahna pikeun ngobatan dampal
suku anu bareulah.
Balingbing
Biasana dipaké pikeun jalma
anu tetempoanna teu pati
béngras. Carana ku marud
buahna terus dicampur jeung
cai asak nu geus tiis, terus
dipeureut caina diinum.
Kalapa Hejo
Dipaké pikeun ngobatan
karacunan kadaharan, jeung
minuman beralkohol, atawa
salah ngadahar obat
Cengkeh
Khasiat buah Cengkéh:
Minyakna pikeun campuran obat-obatan
Cai panas anu dicampur cengkéh
pikeun ngalonggarkeun tikoro
Bisa nambah denyutan jantung.
Bonteng
Khasiat bonténg nya éta pikeun:
Didahar biasa pikeun ngurangan tekenan darah
tinggi
Pikeun obat sariawan
Diparut, dipeureut caina pikeun masker
kacantikan raray supaya seger.
Saledri
Daun Sadri digunakeun pikeun ngobatan
darah tinggi:
Ditutuan sing lemes, terus dicampur jeung
cai asak anu tiis. Disaring caina terus
diinum, Pikeun nétralisir kelenjar minyak
dina raray.
Jambu Batu/kulutuk
Daunna anu dikulub sarta diinum caina
pikeun obat diaré.
Buahna anu geus asak pikeun ngobatan
demam berdarah.
Jahe
Jahé
Jahé mangrupa tutuwuhan anu seungitna
has pisan. Jahé aya tilu nya éta:
Jahé gajah, jahéna gedé jeung warnana
bodas, tapi jahéna kurang panas.
Jahé emprit, jahéna laleutik tapi rasana
lada.
Jahé sunti, jahéna warnana beureum.
Khasiatna pikeun ngobatan asup angin,
jeung beuteung kembung.
Cikur
Cikur ditutuan jeung béas anu geus
dikeueum dina cai haneut nepi ka hipu,
adas, cengkéh, nepika jiga wedak, dipaké
saméméh saré pikeun ngahaneutkeun
awak.
Cikur jeung séréh, pandan, ditambahan
gula beureum, bias dipaké pikeun obat
batuk.
Tempuyung/Kiaceng
Khasiatna nya éta pikeun:
Pikeun ngahancurkeun batu ginjal
Ngobatan bisul jeung arateul, ku cara
nutuan watang jeung daunna terus
dioléskeun.
Paria
Khasiatna nya éta pikeun ngalancarkeun cai susu ibu.
Balingbing wuluh/calingcing
Dipaké pikeun:
Pikeun ngaleungitkeun noda, umpamana
lamun keuna tinta
Pikeun obat darah tinggi
Antanan
Antanan rasana amis, anu
fungsina ngabersihkeun getih,
ngalancarkeun peredaran darah,
diuretika, nurunkeun panas,
haemostatika, ningkatkeun saraf
memori, anti bakteri, tonik,
antispasma, antiinflamasi,
hipotensif, insektisida, antialergi,
jeung stimulan. Mangpaat séjénna
nya éta pikeun nyegah parises,
salah urat, ningkatkeun daya
inget, mental, jeung stamina
awak, sarta nurunkeun stress
jeung depresi.
Saga
Dipaké pikeun obat:
-sariawan
-nyeri gusi
-batuh
-panas di jero
-nurunkeun tekanan darah
-radang
Surawung
Khasiatna:
pikeun ngalancarkeun cai susu indung
pikeun ngaleungitkeun bau awak
pikeun ngurangan lemah jantung
Suraung ngabogaan kandungan minyak
atsiri saponin, flafonoid, jeung tannin.
Salam
•Daun salam anu dikulub sarta diinum
caina disebut pikeun ngobatan asam urat.
Wortel
•Wortel
digunakeun
pikeun nyegah
serangan
jantung, nyegah
katarak,
ngobatan jerawat,
nguatkeun tulang,
sarta ngajaga
kaséhatan gusi.
• Obat pikeun ibu-ibu anu ngalahirkeun:
-Sasambetan
-Wewejah atawa galogor
-Pahinum
-Jamu opat puluh poé
-Balur haneut
-Pipilis
-Poko
• Obat pikeun orok:
Bura beuweung & Ubar haseum
Download