Uploaded by blackorganization2453

Wawacan Ahmad Ridwan XI MIPA 4

advertisement
MATERI WAWACAN
BUATLAH PRESENTASI KALIAN DARI MULAI SLIDE KE-2 (jumlah slide bebas)
WAWACAN
Bahasa Sunda
Ahmad Ridwan
Syaila Amalia Zulviani
XI MIPA 4
MEDAR PERKARA
WAWACAN
Wawancara teh carita panjang atawa naratif, tapi aya oge anu mangrupa dadaran(deskriptif), anu
dianggit dina wangun pupuh. Wangun pupuh mimiti dipikawanoh ku masarakat Sunda, utamana ku
kaum menak sabada ayana pangaruh ti Mataram dina abad ka-17.
Ajip Rosidi (1966) ngajelaskeun yen wawacan teh asalna tina kecap wawacaan, nu hartina naon-naon
nu dibaca. Bisa diebutkeun oge wawacan teh hikayat nu ditulis dina wangun puisi (dangding)nu tangtu
nu disebut pupuh.
Wawacan teh karya sastra sunda nu lahir dina wangun tulis ku leungeun. Satuluyna dicitak jadi
wangun buku. Ku cara ieu pisan masarakat ngawariskeun teks wawacan ti generasi ka generasi jadi,
sanajan nyampakna dina wangun tulisan, ari sumberna mah leuwih rea dina wangun lisan. Teks
wawacan teh umumna panjang sabab eusina mangrupa carita. Iwal ti palaku dina carita wawacan teh
jumlahna kawilang rea. Pupuh nu dipakena oge henteu ngan hiji tapi gunta-ganti luyu jeung gantina
adegan. Di sababaraha wawacan boga sebutan masing-masing, siga macapat nu mungkin asalna tina
basa Jawa.
Aya oge anu dumasar tina kohot India, contona :
● Wawacan Mahabarata
● Wawacan Wayang Purwa
Wawacan nu dianggit tina pabkon Islam di antarana :
● Wawacan Sayidina Amir Hamzah
● Wawacan Sajarah Ambiya
● Wawacan Nabi Paras
● Wawacan Johar Manikam
Aya oge nu dianggit tina Sunda, nyaeta:
● Wawacan Lutung Kasarung
● Wawacan Nyai Sumur Bandung
MALURUH UNSUR
WAWACAN
Manggalasastra
Eusina sanduk-sanduk atawa
menta widi ka Nu Maha Kawasa
jeung ka kruhun, sarta menta
pangampura kana kahengkeran nu
nulis atawa nu nyusun eta
wawacan. Biasana di bagian awal,
samemeh ngamimitian carita.
Kasmaran kaula muji
Ka Gusti ajawajala
Nu murah ka mahluk kabeh
Jeung muji utusanana
Kangjeng Nabi Muhammad
Nyaeta Nabi panutup
Miwah muji sahabatna
Conto manggalasastra dina
Wawacan Rengganis
MALURUH UNSUR
WAWACAN
B. Eusi
Nyaeta poko carita tina wawacan. Dina bagian ieu
dicaritakeun eusi wawacan ti mimiti kajadian,
lalampahan tokoh, jeung konflik.
MALURUH UNSUR
WAWACAN
C. Kolofon
Parenehna dina tungtung
carita minagka panutup eusina
titimangsa ditulisa atawa
disalinna eta wawacan. Dina
ieu bagian nu nulis menta
panghampura kana sagala
rupa ka kuranganana, lantaran
nu nulis ngarumasakeun.
Tamatna kaula ngarang
Pukul tujuh malem Kemis
Di tanggal tujuh welasna
Kaleressan bulan April
Taun Kangjeng Masehi
Sarewu dalapan ratus
Jeung genep puluh dua
Marengan Hijrahna Nabi
Sarewu dua ratus tuju puluh dalapan
Conto kolofon dina Wawacan Panji
Wulung
HATUR
NUHUN
Download