Uploaded by maiwabloh

Budaya sunda

advertisement
BAB I
BUBUKA
A. Purwaka Masalah
Dina raraga ngadeketkeun rasa, rumasa ka budaya sunda sareng
ningali tina peraturan daerah jawa barat no…ngayaan budaya sunda, abdi
saparakanca bade medarken lalakon anu aya kakaitannana jeung budaya
sunda.
Kumargi kitu peranan kaum muda peryogi pentingna, kusabab saha
deui anu bade mumule budaya urang lamun lain urang sorangan. Mungkin tos
cunduk kana waktu ninggng kana mangsana, yen budaya sunda kedah
mencrang deui sapertos pada tahun 1980an, anu ngrnaan jeung tari jaipong
tea.
B. Rumusan Masalah
1. Naon budaya sunda?
2. Kumaha sajarah budaya sunda?
3.
Naon bae ageman anu aya di tatar sunda ?
4. Dimana sastra jeung aksara sunda ayena ?
C. Ngabahas Masalah
1. Sajarah budaya Sunda
2. Pupuh cianjuran nu aya kaitannana jeung Budaya Sunda
3. Warisan – warisan Sesepuh ngenaan budaya sunda.
D. Tujuan
1. Ngenalkeun leuwih deket budaya sunda ka urang sunda
2. Ngenalkeun leuwih deket budaya sunda ka Salain urang sunda
3. Ngajadikeun budaya sunda sebagai kabanggaan bangsa
4. Nambah elmu ngenaan budaya nu tos aya jeung nu bade di ayakeun.
1
E. Manfaatna
1. Leuwih dedeh ka budaya urang
2. Nambah wawasan kabangsaan
3. Nambah elmu dina raraga riset jeung teknik nyusun makalah
4.
Ngaraketkeun khususna ka sapapada urang sunda umumna ka bangsa
Indonesia.
F. Cara Ngumpulkeun Data
1. Metode ningali langsung tempatna.
Kanggo
gumpulkeun
data-data
atawa
informasi-informasi
anu
dibutuhken abdi saparakanca ngalakukeun pengamatan langsung ka daerah
sabuderen bumi jeung mirengkeun informasi-informasi sacara langsung ti
narasumber
2. Cara Undakan
Kanggo
gumpulkeun
data-data
atawa
informasi-informasi
anu
dibutuhken sacara undakan, abdi saparakanca maca buku-buku anu aya
kaitanana jeung budaya sunda.
3. Cara Tatarosan
Ngange
cara naros
langsung ka
sesepuh, pinisepuh, atawa anu
disepuhkeun nu aya gantar kakaitanana jeung budaya sunda.
G. Waktu sinareng tempat kagiatan
Dinten
: Senin
Kaping
: 14 Maret 2016
Wedal
: 12.00 – 17.00 WIB
Tempat
:Wilayah Kecamatan Pamijahan khususna Desa Ciasmara.
2
BAB II
PEDARAN
A. Budaya Sunda
Budaya Sunda nya éta budaya nu dipimilik ku urang Sunda. Najan
budaya
Sunda
loba
nu
nyaruakeun
jeung
budaya
tatanggana
di
Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina seni tembang
Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna
mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekarannana ayeuna geus bisa disebut
lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa.
Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu,
misalna, kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu
mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun
1175 - 1297, ka turunan sarta sakumna urang Sunda, nu unina
"Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke. Aya ma
beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana
tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma
tunggulna aya tu catangna". nu hartina, "Aya bareto aya jaga, lamun teu aya
bareto moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal
aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan.
Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna".
Naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian nyebutkeun ngeunaan
ayana rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di antarana mémén
(dalang), paraguna (ahli karawitan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru
pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru basa nu ahli rupa-rupa
basa deungeun). Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha carita, lakon pantun,
jeung kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina mangsa harita
kasusastran tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinanana yén jenis sastra
mangsa harita mah lolobana dina wangun sastra lisan, kayaning jampé-jampé,
pupujian, lagu-lagu kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung carita biasa.
Budaya Sunda Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda Luncat ka:
pituduh, sungsi
3
Budaya Sunda nya éta budaya nu dipimilik ku urang Sunda. Najan
budaya
Sunda
loba
nu
nyaruakeun
jeung
budaya
tatanggana
di
Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina seni tembang
Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna
mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekaranana ayeuna geus bisa disebut
lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa.
B. Sajarah
Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu
misalna, kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu
mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun
1175 - 1297, ka turunan sarta sakumna urang Sunda, nu unina
"Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke. Aya ma
beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak
hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu
catangna".
nu hartina, "Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga. Aya
baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya
dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya
urut tangkalna".
Naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian nyebutkeun ngeunaan
ayana rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di antarana mémén
(dalang), paraguna (ahli karawitan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru
pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru basa nu ahli rupa-rupa
basa deungeun). Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha carita, lakon pantun,
jeung kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina mangsa harita
kasusastran tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinanana yén jenis sastra
mangsa harita mah lolobana dina wangun sastra lisan, kayaning jampé-jampé,
pupujian, lagu-lagu kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung carita biasa.
4
C. Ageman
Bukti-bukti sajarah nu geus kagali ngeunaan ageman urang Sunda baheula
bisa ditapsirkeun tina sababaraha naskah:
* Séwaka Darma
* Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian
Kahirupan jaman harita raket pisan pakaitna jeung kapercayaan tur
kagiatan kaagamaan. Agama anu dianut nyoko kana ajaran agama Hindu
jeung agama Buda anu asalna ti India. Eta dua agama asup ka Tatar Sunda ti
jaman karajaan Tarumanagara keneh. Bukti-bukti anu kapanggih ngeunaan
eta hal, saperti candi Cangkuang di Garut, candi Batujaya jeung Cibuaya di
Karawang, patung Buda di Talaga (Majalengka), arca Siwa di Kendan
(Bandung). Sok sanajan kitu, dibandingkeun jeung pangaruh agama
Hindu/Buddha anu tumerap di Tanah Jawa (Mataram, Kediri, Singasari,
Majapahit), pangaruh eta dua agama di Tatar Sunda kaasup leutik pisan.
Titinggal mangrupa patilasan punden berundak, kabuyutan, arca tipe
Polinésia, jeung naskah nembongkeun yen sabagian gede masyarakat Sunda
jeung Galuh ngagem agama Jatisunda, nya eta agama hasil sinkretisme
kapercayaan ka arwah luluhur, ajaran Hindu, jeung ajaran Buddha. Dina ieu
hal urang Sunda alam harita geus ngabogaan konsep sorangan ngeunaan
kaagamaan anu ngurung tilu hal, nya eta (1) kapangeranan, (2) kahirupan
sanggeus nyawa ninggalkeun raga, jeung (3) cara-cara pikeun nyalametkeun
diri boh keur salila kumelendang di ieu dunya boh keur hirup jaga di aherat.
Tilu dewa (Trimurti) anu dianggap pangeran pangluhurna ceuk agama
Hindu (Brahma, Wisnu, Syiwa), nurutkeun ajaran Jatisunda, perenahna
sahandapeun sanghyang. Jadi, sanghyang minangka unsur kakawasaan anu
pangluhurna. Sanghiyang nyiptakeun alam sagemblengna. Sanghiyang ngatur
sakumna mahluk. Sacara mutlak Sanghiyang nyekel kakawasaan di jagat
raya. Tempat dumuk Sanghiyang di Kahiyangan anu pernahna di luar alam
dunya ieu. Kahyangan téh alam anu suci, sepi, tur langgeng taya gangguan
kahirupan dunya.
Asup ka alam Kahyangan katut hirup ngahiji sareng Hyang sabada nyawa
ninggalkeun raga mangrupa panyileukan manusa, sabab nya di dinya
5
nyampak kabagjaan abadi. Eta panyileukan bisa kahontal, upama manusa
salila hirupna di alam dunya ngagungkeun tur nyembah Hiyang sarta loba
nyieun kahadean ka sasama manusa, laku lampahna hade luyu jeung pancen
hirupna.
Kasalametan jeung kabagjaan hirup di alam pawenangan (dunya)
jeung di alam kalanggengan (aherat) gumantung kana ajen tapa hiji jalma anu
dilakonan salila hirupna di alam dunya. Tapa teh nya eta garapan gawe
nurutkeun kaahlian jeung pagawean masing-masing. Lamun tapana hade tur
daria, kahirupan di dunya jeung di aheratna oge pinanggih kasalametan jeung
kabagjaan. Tapi sabalikna, lamun tapana goreng, kahirupanana oge bakal
tinemu jeung kacilakaan katut katunggaraan boh di dunya boh di aherat.
D. Basa, aksara, jeung sastra
Salian ti naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, naskah-naskah
séjén ti jaman nu leuwih anyar salaku bukti kasusastran Sunda nu aya di
Musieum Pusat Jakarta di antarana Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru,
jeung Carita Ratu Pakuan.
Saasupna pangaruh Jawa (Mataram Islam) dina abad ka-17, di
masarakat Sunda tumuwuh bentuk wawacan nu ditulis dina aksara Cacarakan.
Aksara Arab gé mimiti dipaké pikeun nulis basa Sunda.
Ku datangna bangsa Éropa, utamana dina munggaran abad ka-19, aksara
Latin ogé mimiti dipiwanoh jeung dipaké. Beuki dieu, dina panungtungan
abad ka-19, cara nulis nurutkeun ajén-inajén modérn mimiti dipaké ku
Muhamad Musa: méré tanda baca dina tulisan Cacarakan jeung mimiti
dipakéna aksara Latin.
Taun 1912, aturan nulis basa Sunda ku aksara Latin dijieun ku
Ardiwinata spk. Percitakan ogé mimiti dipaké. Wujud sastra Kulon samodél
roman jeung carpon ogé mimiti dipikawanoh. Kalawarta Sunda mimiti medal
awal abad ka-20.
6
BAB III
PANUTUP
Jadi salaku urang sunda tos tangtu urang kedah mumule sagala anu aya
dikebudayaan Sunda. Saha deui anu arek ngalestarikeun budaya Sunda uapami
lain urang sadaya salaku katurunanana. Komo urang sadaya salaku budak ngora
anu bade ngalajengkeun garis katurunan sesepuh urang sadaya. Sajalan sinareng
program nu ti inohong, nu ayena keur di gembar-gemborkeun, yen Budaya Sunda
kedah langgeng ulah nepi kageser ku budaya batur, nu akhirna uran sunda teu
ngagaduhan budaya. + Kamana Atuh Ari Urang Sunda ?”
A. Kacindeukan
Budaya Sunda nya éta budaya nu dipimilik ku urang Sunda.
Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu, misalna,
kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu
mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun
1175 - 1297, Bukti-bukti sajarah nu geus kagali ngeunaan ageman urang
Sunda baheula bisa ditapsirkeun tina sababaraha naskah:
* Séwaka Darma
* Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian
Salian ti naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, naskahnaskah séjén ti jaman nu leuwih anyar salaku bukti kasusastran Sunda nu aya
di Musieum Pusat Jakarta di antarana Carita Parahyangan, Carita Waruga
Guru, jeung Carita Ratu Pakuan
B. Saran
Urang Sunda Kedah Ngahiji Kangge ngahontal cita – cita leluhur anu
atos dipaparkeun dina kidung kawih cianjuran, urang ulah cicing, urang kedah
maju dina sagalana ambeh ulah terus aya dihandap. Hayu batur sauyunan
ngawangunnegeri tatar sunda, ulah nepi ka aya basa jeung carita anu judulna “
Kamana Ari Urang Sunda “.
7
DAFTAR PUSTAKA
Wikipedia: 2011 Budaya Sunda Founder Jimmy Walles
Inter Media 2011 Bentuk Kujang KPM Galuh Rahayu Ciamis-Yogya
8
Download