Uploaded by User47741

Carita Lahirna 5 Pandawa

advertisement
Carita Lahirna 5 Pandawa
Dicaritakeun di Dinasti Kuru, aya hiji raja anu ngarana Pandu anu
ngabogaan dua pamajikan nyaéta Ratu Kunti jeung Ratu Madri. Dicaritakeun yén
éta tiluan téh haying misah ti kahirupan karajaan, maranéhna indit ka leuweung
minangka rék hirup di leuweung éta. Éta tiluan indit ka leuweung rék moro.
Pandu
: (nunjuk ka uncal) “Tuh aya uncal.”
Kunti
: “Mana akang?” (bari luak-lieuk néangan uncal).
Pandu
: “Itu tuh keur kawin uncalna.”
Kunti
: “entong atuh kang, karunya.”
Madri
: “Keun wé lumayan meunang dua langsung.”
Pandu
: (manah ka uncal)
panah beunang kana uncal.
Uncal Jalu : (pak) “Aduuhhh…” (robah jadi jalma).
Uncal Bikang
: (robah jadi jalma ogé) “Kunaon kang?”
Uncal Jalu : “Duh ieu aya nu nanceb kana dada.” (bari nyekelan dadana).
Pandu nyampeurkeun ka uncal.
: “Aduh hapunten abdi.” (ménta hampura ka uncal).
Pandu
Uncal Jalu : “Aing teu tarima pokona manéh mun duduaan jeung pamajikan
manéh, ku aing kutuk manéh modar!!!” (aya sora guludug).
Pandu
: (ngahuleng).
Di imah, Raja Pandu nyarita ka dua pamajikanana.
Pandu
: “Néng, akang rék nyarita.”
2 Istrina
: “Kumaha akang?”
Pandu
: “Tadi uncal anu diboro ku akang ngutuk akang bakal paéh, lamun
akang duduaan jeung enéng-enéng.”
Madri
: “Euleuh, kumaha atuh kang?”
: “Duka puguh néng, ayeuna akang kudu kumaha sangkan akang boga
Pandu
budak?”
Kunti
: “Akang abi gaduh carana.”
Pandu
: “Kumaha carana néng?”
Kunti
: “Abi gaduh hiji mantra jang ménta budak ka Déwa. Ké isuk cobaan.”
Pandu
: “Oh uhun atuh néng.”
Isukna Ratu Kunti macakeun mantra.
Kunti
: (ngomong teu puguh).
Pandu
: “Ngobrol naon atuh enéng téh?”
Kunti
: “Cing geura akang.”
Datang Déwa tiluhur.
Déwa Dharma
: “Hahahahahha …” (Bari melak cangkéng). “ék aya naon ieu
téh?”
: “Déwa abdi téh bade nyuhunkeun katurunan.”
Kunti
Déwa Dharma
: “Oh gampang éta mah.” (leungeun disodorkeun ka awakna
Ratu Kunti).
9 bulan kahareup..
: (kaluar ti imah nyampeurkeun Raja Pandu) “Akang-akang ieu tingal
Kunti
geura.”
Pandu
: “Ih meuni kasép budak téh.”
Kunti
: “Rék dingaranan saha ieu budak téh kang?”
Pandu
: “Sanajan ieu budak téh titisan Déwa Dharma, ku akang dibéré
ngaran Yudhistira anu bakal ngabogaan kapribadian luhur jeung
wijaksana.”
Sataun kahareup. Pandu ménta Kunti manggil Déwa deui.
Kunti
: (ngomong teu puguh).
Déwa Vayu : “ék naon ieu téh?”
: “Déwa abdi badé nyuhunkeun katurunan.”
Kunti
Déwa Vayu : (nyodorkeun leungeun ka awakna Ratu Kunti) “Yeuh engké éta
budak bakal gagah perkasa.” (Déwa ngaleungit).
: “Hatur nuhun Déwa.”
Kunti
Sataun kahareup. Pandu ménta deui ka Kunti titah manggil Déwa.
Kunti
: (ngobrol teu puguh).
Indradéwa : “Rék naon?”
: “Déwa abdi bade nyuhunkeun katurunan.”
Kunti
Indradéwa : (nyodorkeun leungeunna kana rarayna Kunti) “éh salah, hampurahampura.” (Indradéwa nyodorkeun leungeunna ka awakna Ratu
Kunti).
Sataun kahareup. Pandu ménta deui Kunti manggil Déwa. Ngan Kunti teu
bisa ngalaksanakeunnana sabab bakal ngalanggar dharma.
Pandu
: “ Néng, akang hoyong deui budak. Cik panggilkeun deui Déwa.”
Kunti
: “Teu tiasa akang, sabab ulah leuwih ti tilu kali.”
: “Atuh kudu kumaha?”
Pandu
: “Kéatuh rék ngajarkeun Madri sangkan bisa macakeun mantra.”
Kunti
Ahirna Kunti ngajarkeun Madri. Teu lila Madri hapal mantrana. Madri ogé
nyobaan mantra éta.
Madri
: “Kumaha ieu?”
Kunti
: “Sok langsung wé.”
Madri
: (ngomong teu puguh).
Datang Déwa Sang Kembar, tabib para Dewata nyaéta Ashwin Kumar.
Déwa A.K : “Aya maksud naon anjeun manggil kuring?”
Mandri
: “Déwa abdi bade nyuhunkeun katurunan.”
Déwa A.K : “Yeuh manga anugrah ti kuring.” (ngajampé-jampé Madri).
Madri
: “Hatur nuhun Déwa.”
Pandu jeung dua pamajikanana hirup bagja sarta tentram, kusabab boga 5
budak anu karasép anugrah ti para Déwa. Hiji mangsa Kunti ngajak ulin 5
budakna, di imah ngan nyésa Pandu jeung Madri.
Pandu
: “Néng, bumi tiiseun yeuh néng. Tariris akang.”
Madri
: “Kunaon atu akang téh?”
Pandu
: “Hayu ah néng.”
Madri
: “Akang sing inget kutukanana.”
Pandu
: “Ah moal kunanaon.” (Pandu ngadeukeutan Madri. Duanana
langsung ngajejeng).
Kunti balik ka imah. Di imah geus nyampak Pandu jeung Mandri
ngagarolépak.
Kunti
: “Akang.. Madri… Aaaaaaa..”
Kusabab Pandu jeung Madri ngalanggar kutukanana, maranéhna paéh duaan
ninggalkeun Ratu Kunti jeung kalima budak-budakna. Sanajan geus euweuh
sasaha deui, Kunti balik ka karajaanana. Sakitu carita ti kelompok simkuring
saparakanca. Hatur nuhun, wassalamu’alaikum wr.wb.
Download