Uploaded by User60102

Drama Sunda

advertisement
Dina hiji poe, aya budak geulis nu keur euweuh gawe.
Cindi : “Ya Allah, ni euweuh batur kieu. Ulin ah, nyampeur barudak. Tapi nyampeur sahanya? Oh
heeuh nyampeur heula si eneng ah. Eh si Fajar.”
Cindi nyampeur ka bumi Fajar.
Cindi : “Fajaar!”
Fajar : “Aya naon?” (Bari ngagas)
Cindi : “ Ai maneh kunaon? Aambekan sorangan.
Fajar : “Oh muhun muhun, aya naon atuh bade kadieu?
Cindi : Hayu ulin
Fajar : Embung duaan mah
Cindi : Nya henteu atuh, babarengan, hayu urang sampeuran
Fajar : Jug we sampeuran. Hoream urang mah (bari nutup panto).
Cindi : Ngajak sahanya?
Cindi angkat ka bumi Sabrina.
Cindi : Sabrinaaa
Sabrina : Eh Cindi! Aya naon?
Cindi : Hayu ameng ih, abdi teu aya rencang
Sabrina : Oh enya hayu atuh. Hayu atuh sampeuran nu lain.
Cindi jeung Sabrina papanggih jeung Salma di jalan.
Cindi & Sabrina : Eh Salma
Salma : Eh aya naon?
Sabrina:Hayu ngiring ameng, urang nyamper si Resti.
Salma : Oh hayu aatuh
Salma,Cindi,jeung Sabrina nyampeur ka bumi Resti
Restiiii
Resti : Teu aya jalmi!
Cindi : Oh hayu atuh, balik deui weh
Salma : Kela..kela.. ai bieu nu ngajawab saha?
Sabrina : Ob heeuh nya
(Ngegedor pintu)
Babarengan : Restiiiii
Resti : Ih ni naon atuh ah meni gandeng
Sabrina : Hayu ih urang ameng sasarengan ka bumi Fajar
Resti : Hoream euy,
Salma : Enggal atuh ih meh lobaan
Resti : Nya eunggeus atuh hayuu
Sasarengan ka lapang. Arurang ningali F
ajar keur
Fajar keur sasarean di teras bari ngahaleuang pupuh.
Fanar :”Eh eta loba kalong.”
(Nyanyi)
Cindi : Fajaar, buru ih, hayang ulin yeuh
Fajar : Naon atuh?
Resti : Maneh kunaon umbak ambeuk wae
Fajar : Geus ah hayu atuh buru. Urang samper si menel . Ehh, si Dei.
Sasarengan : Caww
Fajar : Menell. Eh Deii
Resti : Ai maneh belegug
Fajar : Poho ihh
Dei : Ada naon?
Resti : Kumaha ngomong teh
Salma : Hayu urang ameng
Dei : Heeuh atuh hayu
Sabrina : Ulin naonnya?
Resti : Hayu ulin cingciripit
Sasarengan : Hayu.. hayu ..
Salma : Saha nu jadi ucingna?
Fajar : cang kacang panjang weh meh adil
Barudak ulin cingciripit,Cindi jadi ucing,
Dei : Euh, udah enggeus maghrib. Aku diteangan ku Ema
Fajar : Heeuh ih, urang dek ngaos
Cindi : Nya enggeus atuh dadah
Resti : Hayu balik bareng
Salma : Hayu hayu
Download