LINGUISTIK SALAKU ELMU LINGUISTIK Tim Dosen Linguistik Sunda 1. a. b. c. Tahap Spekulasi nyaeta sawangan atawa taksiran anu teu dumasar kana kanyataan; Kacindekkan anu dijieun teu dirojong ku bukti-bukti empiris jeung dilaksanakeun ku cara teu ngagunakeun prosedur-prosedeur nu tangtu. Conto tindakan spekulatif : Dina widang geografi baheula jalma boga pamadegan yen bumi teh wangunna datar saperti meja, tangtu eta pamadegan teh teu bisa dijawab atawa lamun dijawab bakal sacara spekulatif oge. Ningali panon poe unggal isuk bijil ti belah wetan jeung surup pasosore ti belah kulon, mangka jalma loba nu boga pamadegan yen panon poe teh muter ngurilingan bumi. Beurangna aya di luhur bumi jeung peutingna aya ditukang bumi. Lamun ditanya naha eta hal teh bener? Jawabna, bisa ditingali ku sorangan. Ditungtung abad ka-17, saurang filsuf Swedia netelakeun yen di Surga Tuhan nyarita dina basa Swedia, Adam nyarita ku basa Denmark, jeung oray nyarita dina basa Parancis (Pei, 1971 : 12). Sakabeh pamadegan eta ngan saukur spekulasi nu dina jaman ayeuna geus hese ditarima. Salaku elmu empiris, linguistik neangan kateraturan atawa kaedah-kaedah anu tangtu ti basa anu ditalungtikna. Saluyu jeung predikat kailmiahanana, linguistik teu pernah eureun di hiji titik kacindekkan, tapi bakal terus ngalengkepan atawa nyampurnakeun kacindekkan dumasar kana data empiris nu sejenna. Pamarekan linguistik kana basa minangka objek ulikanana, bisa katiten dina konsep ieu di handap. Kahiji, sabab basa mangrupa sora omongan, mangka linguistik niten yen basa salaku sora. Hartina basa lisan mangrupa hal anu primer, sedengkeun basa tinulis ngan saukur hal anu sekunder. Kadua, sabab basa teh sipatna unik, mangka linguistik teu ngagunakeun karangka hiji basa pikeun mangaruhan basa sejenna. Katilu, sabab basa mangrupa hiji sistem, mangka linguistik ngajadikeun basa lain salaku kumpulan unsur anu papisah, tapi salaku kumpulan unsur anu silih pakait anu hiji jeung nu sejenna miboga jaringan. Kaopat, sabab basa teh bisa robah ti waktu ka waktu, saluyu jeung mekarna sosial budaya masarakat pamakena, mangka linguistik ngagunakeun basa salaku hiji hal anu dinamis. Linguistik oge nalaah basa sacara sinkronik jeung diakronik Kalima, sabab sipatna empiris, mangka linguistik ngadeukeutan basa sacata deskriptif jeung teu sacara perspektif. 2. 3. Tahap kadua, tahap observasi jeung klasifikasi. Dina ieu tahap, para ahli dina widang basa ngumpulkeun jeung ngelompokkeun sagala fakta basa ku cara nalungtik tapi teu mere teori atawa nyindekkeun nanaon. Basa-basa di Nusantara didaptarkeun, ditalaah ciri-cirina, terus dikelompokkeun dumsar kana sasaruaan ciri anu dipiboga ku eta basa-basa. Ieu cara can bisa disebut “ilmiah” sabab can nepi kana nyieun hiji tiori. Tahap katilu, nyaeta tahap ayana rumusan tiori. Dina ieu tahapan, unggal disiplin elmu ngamimitian nalungtik masalah-masalah dasar jeung ngajukeun patalekanpatalekan ngeunaan eta masalah dumasar kana data empiris anu dikumpulkeun. Sanggeus kitu, dina eta disiplin, dirumuskeun hipotesis-hipotesis pikeun ngajawab patalekan-patalekan anu pakait jeung bebeneran nu aya. Disiplin linguistik ayeuna, geus ngalaman tilu tahap. Hartina, disiplin linguistik eta geus bisa disebut kagiatan ilmiah. ku kituna, kateuspekulatifan dina nyieun kacindekkan mangrupa salah sahiji ciri kailmiahan. SUB DISIPLIN LINGUISTIK Linguistik TAHAP KAMEKARAN DISIPLIN ELMU 1. Linguistik Umum, 2. Linguistik deskriptif, 3. Linguistik komparatif, 4. Linguistik struktural, 5. Linguistik antropologis, jste. 1 MANGPAAT LINGUISTIK Pikeun guru basa & guru widang studi sejen Pikeun panarjamah Pikeun panyusun kamus (leksikografer) Pikeun penyusun buku ajar/ buku teks Pikeun jurnalis Pikeun para nagarawan politikus 2