Uploaded by Waridatun Nida

KUYA JEUNG MONYET NGALA NANGKA

advertisement
KUYA JEUNG MONYET NGALA NANGKA
Nama : Amalia Putri Fadilla
Kelas : VII.2
Kacaturkeun... Aya Sakadang Kuya jeng Sakadang Monyet. Eta Kuya jeung monyet teh
estuning nyobat dalit pisan.
Hiji peuting, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara.
Sakadang Monyét saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela
akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa
silihgeuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra.
Tengah peuting, Sakadang Monyét nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!”
“Aya naon Sakadang Monyét?”
“Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.”
“Di mana?”
“Di tengah leuweung. Tapi dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna ogé.”
“Keun isukan urang téang. Ayeuna mah urang saré deui wé da peuting kénéh!” ceuk
Sakadang Kuya.
Ngadéngé jawaban kitu, Sakadang Monyét saré deui. Meni dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah
rada hésé kana saré deuina téh. Keur kitu, kadéngé Jang Onyé ngalindur. Cenah, “Ah, isukan
mah rék ngala nangka. Diala ku sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun naék. Didahar
kabéh ku sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibéré.”
Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang Monyét. Tuluy
néangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyét. Sanajan lila ulengna, tapi teu
burung kapanggih ogé. Geus kitu mah, reup baé Sakadang Kuya téh saré deui.
Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyét geus hudang. Jrut turun tina dahan
tempat saréna. Tuluy baé ngaguyah-guyah ngahudangkeun Sakadang Kuya.
“Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang néang nangka téa!” ceuk
Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong, “Ké atuh Sakadang Monyét,
ayeuna mah isuk kénéh!”
“Ih, engké mah bisi kaburu diala ku batur!”
“Apal henteu jalanna?”
“Ih, puguh wé, da dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna.”
“Hayu atuh!”
Bring éta dua sobat anyar téh indit ka jero leuweung. Inditna teu bisa gancang, sabab
Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu
dituju. Enya wé, henteu salah impian Sakadang Monyét téh. Di dinya aya tangkal nangka
sagedé beuteung munding. Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna.
“Sok-sok atuh geura naék, ulah ngahuhuleng baé!” ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang
Monyét.
“Ké heula, gampang naék mah. Ngan uing téh teu nyaho, kumaha carana ngabédakeun
nangka anu geus asak jeung nangka anu atah kénéh,” ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya seuri leutik ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Asa manggih
jalan pikeun metakeun akalna, anu meunang mikiran tadi peuting. “Gampang atuh
ngabédakeunana mah. Ditepakan wé. Lamun sorana plék-plék-plék, tandana éta nangka geus
asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk, hartina atah kénéh,” ceuk Sakadang Kuya.
Henteu talangké deui, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka. Gugurayangan.
Ceuk pikirna, “Si Kuya mah rék dibéré anu aratah baé, ari anu arasakna keur uing, rék
didahar di luhur ku sorangan.” Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plekplek dirawatan ku manéhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari
ngajorowok, “Tah, Uya, méré nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak,
naék ka dieu!” cenah.
Sakadang Monyét tuluy ngagorogotan nangka dina luhur tangkal. Leungeunna, sungutna,
malah sukuna ogé pinuh ku geutah. Ari sababna, nangka anu didaharna téh nangka atah.
Sakadang Monyét teu nyahoeun, saenyana nangka asak mah lamun ditepakan téh sorana
ngagepluk, lain ngageplék.
“Aha euning Huya, angkra téh atrah,” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna teu béntés,
lantaran biwirna rapet ku geutah nangka. Sakadang Kuya teu némbalan.
Ari rét Sakadang Monyét ningali ka handap, katémbong Sakadang Kuya keur ngalimed baé
ngadaharan nangka asak. Karonéng jeung seungit deuih. Malah nangka téh ampir béak,
tinggal jaramina jeung sikina anu balatak di sabudeureunana.
Sakadang Monyét kacida kagétna. Geus teg baé boga rasa yén manéhna geus kabelejog ku
Sakadang Kuya. Buru-buru manéhna tuturubun nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan,” ceuk
Sakadang Monyét.
“Apan ieu ogé paméré ti Sakadang Monyét, da uing mah teu bisa naék,” témbal Sakadang
Kuya.
“Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku uing mah nangka atah!”
“Tah, aya sanyamplung deui!” ceuk Sakadang Kuya.
Nangka anu sanyamplung téh dicokot ku Sakadang Monyét, tuluy didahar. Enya wé ngeunah,
amis kareueut. Sakadang Monyét gantung teureuyeun. Ménta deui ka Sakadang Kuya, puguh
da geus béak.
“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib baé!” ceuk Sakadang Monyét bari jamedud.
Tuluy lumpat, térékél naék kana tatangkalan, indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang
Monyét téh pundung tayohna mah.
Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya ogé balik deui ka tempat asalna. Leumpangna beuki
ngadédod baé, lantaran beuteungna seubeuh teuing ku nangka.
Tanggal
...............
Download