NASKAH SOAL LATIHAN USBN SMA/SMK TAHUN PELAJARAN 2017-2018 PAKET 1 I. Pilih jawaban nu pang benerna ku cara nyakra (X) akasara A, B, C, D atawa E ! Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw. 1. Paragrap di luhur ka asup kana..… a. Panutup biantara d. Bubuka jeung panutup biantara b. Eusi biantara e. Bubuka jeung eusi biantara c. Bubuka biantara Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda. 2. Paragrap di luhur ka asup kana ……. a. Panutup biantara d. Bubuka jeung eusi biantara b. Bubuka jeung panutup biantara e. Bubuka biantara c. Eusi biantara 3. Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas XII nyaéta, iwal…… a. ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola b. ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur, c. nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah. d. ngahaturnuhunkeun ka para bapak jeung ibu guru e. ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur 4. “Pa, neda widi badé ….heula, hoyong kahampangan!” a. ka tukang b. ka payun c. ka pengker d. ka warung e. ka hareup 5. Dinten jumaah kamari Pun Aki…di Rumah Sakit Hasan Sadikin Bandung. a. Paéh b. palastra c. perlaya d. maot e. pupus 6. “Pa, neda widi abdi ka Koperasi heula badé….pulpen!” a. meuli b. jajan c. mésér d. nganjuk e. ngagaleuh 7. Sing tarik atuh nyarita téh ngarah…. 8. didéngé b. ngadéngé d. ngadéngékeun e. kadéngé c. didéngékeun 8. Ragam bahasa resmi tina kecap abdi atawa kuring nyaéta….. a. sadérék b. pangersa c. déwék d. salira e.simkuring 9. Di handap ieu ragam bahasa teu resmi pikeun gaganti jalma ka dua nyaéta, iwal….. a. sadérék b. silaing c. salira d. énté e. anjeun 10. “Punten dupi ……Bapa teh saha?” Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta…. a. ngaran b. jenengan c. wasta d. salira e. nami 11. “…..Pa guru énjing ulangan bahasa sunda.” Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta…. a. ceuk b. sanggem c. saur d. cenah e. ngabéjakeun 12. Basa lemes keur kecap “indung kuring” nyaéta…. a. Pun ibu b. pun biang c. pun mamah d. pun mimih e. pun indung d. tuang rayi e. tuang raka 13. Basa lemes keur kecap “anak anjeun” nyaéta…. a. tuang anak b. tuang mantu c. tuang putra https://www.carasunda.com/ hal. 1 dari 6 Wacana 1 (Paguneman) Kang Dadan : Damang, Bi? Bi Téti : Pangésto, Dan. Aya hibar. Sawangsulna, kumaha wartosna? Kang Dadan : Alhamdulillah abdi ogé. Nuju naon Bi Téti di dieu? Bi Téti : Numawi nuju ngantosan pun anak. Nembé téh wawartosna mah moal lami, badé milari salédri. Nanging dugi ka ayeuna diantosantos tacan jebul kénéh baé. Ari Dadan, nuju naon bet los-los ka pasar? Kang Dadan : Nu mawi, sami abdi ogé badé mésér salédri. Itu pun biang, badé ngadamel sayur sop saurna. Bi Téti : Kutan. Atuh punten sakanténan pangmilariankeun pun anak upami teu kaabotan mah. Manawi pendak di tukang salédri, wartoskeun diantos ku Ibi kituh di dieu. Kang Dadan : Atuh urang sareng abdi wé nguriling ka pasar. Ongkoh abdi kirang terang nu mana tuang putra téh? Bi Téti : Ih nyasat atuh ari kitu mah. Apan tadi teu ngiring sareng pun anak ogé hoyong reureuh Ibi téh, da tos ti tatadi balanja. Hayoh wé kukurilingan di pasar. Dadan : Euh, paingan atuh sapertos nu lungsé kitu. Mangga, tuang putra téh ké urang pilari. Saha jenenganana? Bi Téti : Namina Odang. Diacuk konéng, rambutna rada jabrig. Kang Dadan : Insya Alloh dipilari. Mangga atuh Bi, dikantun heula. Bi Téti : Mangga. Nuhun nya, Dan. Kang Dadan : Sawangsulna. 14. Sabaraha urang anu milu aub dina paguneman di luhur? a. Dua b. tilu c. opat d. lima e. genap 15. Dumasar kana eusi paguneman di luhur, rek meuli naon Kang Dadan los-los ka pasar? a. Meuli asin b. Meuli saledri c. meuli tempe d. meuli tarasi e. meuli uyah d. tatanggana e. nu dagangna 16. Saha nu didagoan ku Bi Teti dina paguneman di luhur? a. Salakina b. dulurna c. anakna 17. Kumaha hubungan tokoh anu aub dina eta paguneman? a. Teu wawuh d. nu dagang jeung nu meuli b. Kakara panggih e. wawuh harita di pasar c. Geus wanoh pisan 18. “Pun bapa nembé …. Ti sawah.” Kecap anu luyu jeung undak usuk basa, pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….. a. Wangsul b. dongkap c. datang d. mulih e. mios ᮎᮎᮎᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎ ᮀᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎ 19. a. cikaracak ninggang batu b. cikaracak ninggang kana batu c. cikaracak ninggang bata d. cikaracak laun-laun jadi batu e. lila-lila jadi legok ᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎ 20. a. pun bapa b. pun biang c. pun mamah d. pun aki e. pun adi 21. Hampang birit a. b. c. ᮎᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎᮎᮎᮎ e. ᮎᮎᮎᮎᮎᮎ d. 22. Babaturan a. b. ᮎᮎᮎᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎᮎᮎᮎᮎ ᮎᮎᮎᮎᮎᮎᮎ e. ᮎᮎᮎᮎᮎᮎ d. https://www.carasunda.com/ hal. 2 dari 6 c. ᮎᮎᮎᮎᮎᮎᮎ Wacana 2 (Kawih) COLÉNAK Urang tuang colénak raos seger matak séhat kana awak pangaosna cukup ku sapuluh pérak moal rugi ngaluarkeun eusi pésak Colénak dicocol énak anu ompong ogé teurak mangga geura carobian colénak beuleum dadakan Colénak peuyeum Bandung katuangan sederhana istiméwa cacah menak sagala pada misuka moal puyeng najan séép tilu piring Colénak dicocol énak kakoncara sabuana kaolahan urang Sunda warisan kolot baheula 23. Kawih di luhur diwangun ku sabaraha pada? a. sapada b. dua pada c. tilu pada d. opat pada e. lima pada 24. Amanat dina rumpaka kawih colenak nyaeta…. a. ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional nu ngaranna colénak b. ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional nu ngaranna eslilin c. ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional nu ngaranna peuyeum d. ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional Jawa Barat e. ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional Sunda 25. Rasa nu ka panggih dina eta kawih colenak nyaeta…. a. Ngabéjakeun ngeunahna (pelem) éta kadaharan, sajaba ti murah hargana b. Ngabéjakeun cara ngiuen éta kadaharan nu murah c. Ngabéjakeun ngeunahna rupa-rupa kadaharan jawa barat d. Ngabéjakeun tradisi anu aya di tatar sunda e. Ngabéjakeun rupa-rupa kadaharan anu ngeunah tur murah 26. Conto kalimah anu ka asup gaya basa mijalma (personifikasi) nyaeta… a. Dahar gé ukur jeung uyah. d. Bulan ngintip tina sela-sela méga. b. Ngajerit maratan langit, ngocéak maratan jagat. e. Punten Pa abdi ijin bade kapengker heula. c. Dahar gé ukur jeung uyah 27. Najan nepi ka ceurik getih oge, moal ditolih. Kalimah di luhur kaasup kana gaya basa…. a. Mijalma (personofikasi) b. Rarahulan (hiperbola) d. Rautan (eupimisme) e. Sindir https://www.carasunda.com/ hal. 3 dari 6 c. Ngasor (litotes) 28. Dahar gé ukur jeung uyah. Kalimah di luhur make gaya basa…. a. Mijalma (personifikasi) d. Rautan (eupimisme) b. Rarahulan (hiperbola) e. Sindir c. Ngasor (litotes) Kolot téh tunggul rahayu tangkal darajat, sabab Gusti moal ngahampura lamun teu dihampura ku indungna jeung ku bapana. 29. Ungkara di luhur méré amanah … a. Hormat ka ibu rama d. Béla ka ibu rama b. Nyaah ka ibu rama e. Cinta ka ibu rama c. Bakti ka ibu rama Wacana 3 (Dongéng) Si Kabayan Meuleum Lauk Ku bapana. Si Kabayan dititah masantrén di hiji lembur nu rada mencil. Masih kénéh tradisonal pasantrénna téh. Saréna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan. Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana cécémpéh nu diamparan daun cau, terus didalahar babarengan. Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hésé, da sok dibekelan ku kolotna, sarundéng, kéré lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik nu teu jauh ti kobongna sakalian bari néangan suluh keur ngaliwet. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah meunang berenyit, lélé, hurang, jeung lauk sejenna nu kaparengan palid ti balong. Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas sagedé indung leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan ucing. Si Kabayan ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk. “Moal waka dibeuleum bisi babaturan ménta, engké uing moal kabagéan,” ceuk haténa. Atuh baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan. “Can hayang dahar, teu ngarareunah awak,” pokna waktu ditanya kubabaturanana. Réngsé dalahar, babaturanana kalaluar ti kobong rék arulin, Si Kabayan hudang, terus muru hawu. Ngan seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihéésan ucing. Ku Si kabayan ucingna digebah, tuluy mirun seuneu. Sanggeus suluhna ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala céngék ti pipir kobong, diréndos maké uyah dina coét. Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring séng. Si Kabayan muru hawu, leungeun katuhuna nanggeuy piring séng, leungeun kencana nyekel coét. Barang diteang, seuneuna geus pareum kawantu suluhna ngan seeutik, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna téh kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk. Ku Si Kabayan dikoréhan. Kacida pisan heraneunana, sabab beuleum laukna téh aya tilu. “Ti mana hiji deui? Tadi mah meuleumna ngan dua. Babaturan pohoeun kitu? Ah, milik mah timana waé,” ceuk Si kabayan dina haténa. Si Kabayan nyait beuluem anak lauk emas hiji, diasaan , enya lauk, lauk nu hiji beak, Si Kabayan nyait deui lauk nu hiji deui. Diasaan heula, bener lauk. Si Kabayan nuluykeun deui daharna sangu liwetna, mani ngalimed. Ku sabab lapar kénéh, Si Kabayan nyiuk deui sangu, terus nyait beuleum lauk nu katilu. Waktu diasaan, Si kabyan nyengir, sabab rasana haseum jeung bau. “Ucing bangkawarah,” pokna gegelendeng, léos ka cai, kekemuna leuwih ti sapuluh kali. 30. Dongeng di luhur ka asup kana dongeng.... a. Sasakala b. Fabel c. Parabel d. Mite e. Pamuk c. Bapak Si Kabayan d. Kiyai e. Lauk emas 31. Saha palaku utama dina eta dongeng? a. Si Kabayan b. Ki Santri 32. Sabara hiji lauk menang nyair si Kabayan teh? a. Tilu siki b. Opat siki c. Sa siki d. Dua siki e. Lima siki c. Balong d. Solokan e. Ember 33. Di mana si Kabayan nyair lauk teh? a. Walungan b. Laut https://www.carasunda.com/ hal. 4 dari 6 34. Dongeng anu nyaritakeun asal muasal ngaran hiji tempat atawa ngaran barang sok di sebut dongeng...... a. Pamuk b. Saskala c. Fabel d. Mite e. Parabel 35. Conto dongeng fabel nyaeta.... a. Si Kabayan Ngala Tutut b. Sasakala Gunung Geulis c. d. Ki Bagus Rangin d. Nyi Roro Kidul e. Sakadang Pecang jeung Kuya 36. Mun di tilik tina palaku jeung caritana kagolong kana dongeng naon, dongeng Lutung Kasarung teh? a. Legenda b. Pamuk c. Fabel d. Parabel e. Mite c. 8u, 8i, 8a, 7i, 8a, 8i d. 8u, 8i, 7a, 8i, 8a, 8i e. 8u, 8i, 8a, 8i, 7a, 8i c. 8i, 8a, 8é/a, 8a, 7a, 8u, 8u d. 8a, 8i, 8a, 8i, 7a, 8i e. 8u, 8i, 8a, 8i, 7a, 8i 37. Patokan pupuh kinanti nyaeta.... a. 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i b. 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 7i 38. Patokan pupuh asmarandana nyaeta.... a. 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i b. 8i, 8a, 8é/o, 8a, 7a, 8u, 8a Hérang teuing cai jamjam diuyup karasa tiis mani nyecep kana badan nyerep kana tulang sandi saregot tambah deui mépés késang anu juuh lantaran leumpang gancang urut tawap ujag-ajig awak seger karasa jagjag waringkas 39. Guguritan di luhur di tulis ngagunakeun patokan pupuh..... a. Asmarandana b. Sinom c. Dangdanggula d. Kinanti e. Balakbak c. Bingung, Sedih d. Silih asih, Kasmaran e. Nganti-nganti c. Bingung, Sedih d. Heureuy, Pikaseurieun e. Nganti-nganti 40. Watek guguritan di luhur nyaeta..... a. Senang, Gumbira b. Agung, Asem 41. Watek pupuh balakbak nyaeta.... a. Senang, Gumbira b. Agung, Asem aya lumut dina batu, aya kuya di muara. Kedah tumut kana waktu, di dunya urang ngumbara 42. Mun ditilik tina wangunna sisindiran di luhur ka asup kana wangun.... a. Rarakitan b. Paparikan c. Wawangsalan d. Rarakitan jeung Paparikan e. Guguritan 43. Mun ditilik tina eusina sisindiran di luhur kaasup kana... a. Silih Asih b. Sesebred c. Banyol d. Piwuruk e. Hereuy c. Kuring d. Isin e. Leutik 44. Abdi teh kapiring leutik Kaisinan ku gamparan Wangsalna........ a. Piring b. Pisin https://www.carasunda.com/ hal. 5 dari 6 Wacana 4 (Riwayat Hirup) Ti Kebon kana Carpon Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar. Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh sakolana di SMA kénéh. Kungsi digawé di perkebunan entéh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda. Taun 1987, Cécép digawé di majalah Manglé. Meunang sapuluh taun. Undur ti dinya, anjeunna kungsi jadi wartawan di sababaraha surat kabar. Di antarana di majalah Tiras jeung tabloid Detak di Jakarta. Ayeuna Cécép jadi Wakil Pingpinan Rédaksi Koran Tribun Jabar. Carita pondokna anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Album Kuring”, “Nu Luncat tina Beus, Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”. . 45. Sinonim tina kecap riwayat hirup nyaeta…. a. Biologi b. geografi c. biografi d. joologi e. sajarah 46. Cecep Burdansyah lahir di…… a. Ciwidey, 22 November 1963 b. Ciwidey, 23 November 1963 c. Ciwidey, 24 November 1963 d. Ciwidey, 25 November 1963 e. Ciwidey, 26 November 1963 47. Iraha Cecep Burdansyah mimiti sok ngarang? a. Ti keur TK b. Ti keur SD c. Ti keur SMP d. ti keur SMA e. ti keur SMK 48. Salian ti nulis carpon Cecep Burdansyah kungsi digawe diperkebunan… a. Teh b. Kopi c. Bako d. Cengkeh e. coklat 49. A : Mulih ti mana ieu téh? B : ……………. ti bumina Pa RT. Aya peryogi ngalereskeun KTP pun bapa. Kecap anu merenah tur bener, luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta…. a. wangsul b. balik c. mulih d. mulang e. miang 50. Lamun beuheung larapan kecapna nyaéta “dicekék”, lamun baham jeung soca larapan kecapna nyaéta…. a. Colok – toél b. Bekem – pencét c. Pencét – colok d. Toél – bekem e. Bekem – colok https://www.carasunda.com/ hal. 6 dari 6