Nyai bungsu Arum Wiyaga ! Dia ogé turun ka Kawah Hiyang. Turun dia di Pajajaran tengah beulah kidul. Siar ku dia, Dadap Malang teu jauh ti muhara Ci Mandiri ! Siar ku dia, Sumur Haur Pamunyungan, laju dia wayahna mudu dia ngawaruga jadi manusa dina lalakon anu mudu disorang ! Gawé dia sakabéh mudu dilampahkeun dina wayah séwang-séwangna, dina mangsa anu ditangtukeunnana ku jaman ti Kawah Hiyang ! Beusi dia kérok di ngitung wayah, di Kawah Hiyang, ku dia kabéhan tepungan AKI LÉNGSÉR anu ayana di Gunung Gorowong! Ceuk Nyi Putri Arum Wiyaga : “Ari Pajajaran Tengah, Nini, lebahna aya di mana ?” Ceuk Nini Sarutia : “Can nyorang Nini ka dinya, Nyai ! Tapi béjana aya tangkal PAKUJAJAR KI PAHARÉ ngan jarangkung gedéna téh di pajajaran Tengah Siar baé éta tangkal anu jaradi tetenger ! Mun kasampak loba jasa Pakujajar Ki Paharé jarangkung gedé, moal salah deui, moal sulaya deui, dia tangtu aya di lebahan Pajajaran Tengah!” Ceuk Nyi Putri Arum Wiyaga : “Naeun sababna, Nini, dingaranan Pakujajar ? jeung kumaha di rupa Ki Paharé ?” Ceuk Nini Sarutia : “ Nyaaao atuh ! Da Nini mah acan neuleu. Ngan ceuk béja, éta téh hiji tangkal anu baheula di baheula pangbaheulana, ngan ayana di urang kahiyangan, dingaranan ku Aki Léngsér. Ku Sang Hiyang Wenang dipindahkeun ka Kawah Hiyang, pieun Aki Léngsér nyiyeun tetengger. Ceuk ceunah mah, tangkalna éta kénéh éta kénéh, ngan ngaranna : Nya Pakujajar, nya Ki Paharé Jeung aya Pakujajar sahiji deui disarebutna : Suji Domas nya Suji Badak. Disebutna Pakujajar, lain ngamaksud tangkal paku atawa tangkal pakis anu ngajajar dina jadina tapi nyilokakeun “Paku” hartina Pamageuh, “jajar” hartina papayeun ! Pamageuh! Papayeun arinyana anu panasaran harayangeun deui bisa mulangkeun nu harilang kadupak jaman nu laleungit ku gawé pidik. Ari Ki Paharé ? Sabab tangkal dina wujud, tangkalna mah éta-éta kénéh tapi daunna béda ti pucuk, papaharé dina bangun ! Bangun dina pucukna jeung daunna nu ngarora badis pisan Daun Suji, tapi rupa daun nu karolot, puguh pisan daun Hanjuang ! Mantak, ceuk béja téh, dina pantun Aki Léngsér Pakujajar Ki Paharé disebutna HANJUWANG SIYANG. Lain Hajuwang nu di beurang, tapi nyilokakeun : “Hayu geura hanjuwan ku nu miarasih ka nu enggeus ngahariyang” Disebut Suji Badak, lain sabab éta tangkal paranti badak gagasak. Tapi sabab saliwat mah, mémang daun ngora jeung pucukna, nyeplés pisan daun suji. Nyeplés daun suji nu akarna pitumbaleun nyeri kiih, jeung keueuseun. Ramesan daunna, meunang ngibun, ubar panjang alus buuk! Tah sakitu kanyaho Nini “ Nyai, salila dia di sumur haur, dia mudu nyaksian PERANG BAJO anu deuk nyieun salembur Ci Dadap jadi babakan lebu ! Tangtayungan ku dia awéwé anu jadi PUUNNA, jeung sakabéh somah anu can mudu mulang saméméh wayah ! Sieuhkeun ku dia anu deuk ngahuru jeung rarampog bari peupeuncit, deuk nyulik cawéné-cawéné jeung awéwé anu ngarora, caremkeun parahu-parahu éta bajo keuna batu karut di lebahan muharana Ci Sakawayana, supaya anu jadi lulugu bajo-bajo mulang deui ka dasar laut! Salajuna, dia mudu nyaksian sumur haur engké urug, haurna pugur ku umur, laju walungan Ci Dadap saat ngolétrak, wahanganana jadi parataran, laju ngadeg dayeuh di sakatuhueun muhara Ci Mandiri anu ngaganti Palabuhan Nyai Ratu anu ayana di panepungan dua muhara, muhara Ci Dadap jeung Muhara Ci Mandiri ! Jeung dia mudu nyaksian di lembur Ci Dadap aya awéwé anu ngaran inyana Samar Katorah jeung rautan beungeut inyana, saukiran kembang cangkring ! Nyurup dia ka inyana anu jadi awéwé anu kaopat nyurup dina sarina wayah bulan keur purnama !