Uploaded by User101632

Banjir Di Ci Tarum

advertisement
Banjir Di Ci Tarum, Bandung
Sampurasun...Tepang deui sareng simkuring ANISA LIDIA dina warta basa sunda. Dina wartoswartos anu parenting geus sababaraha minggu katukang, wewengkon Bale Endah Kabupaten Bandung
kakeunaan ku rupa-rupa musibah salah sahijina, Mudalna cai wahangan Citarum.
Dumasar kana data nu katalungtik kurang leuwih 1536 (sarebu lima ratus lima puluh genep)
imah katut wangunan sakola jeung pamarentahan ka keueum ku cai wahangan citarum tea,
nu ngalantarankeun cai wahangan mudal teh, salian ti gede na cai hujan, oge ku ayana
seserepan cai hujan anu teu katampung jeung teu ngocor kana kamalir alatan lobana
runtah anu ngahalangan kokocoran nu ngabalukarkeun cai jadi ngeyembeng.
Pamarentah daerah geus nganyahokeun panalungtikan ka saban-saban tempat anu
tujuanna ngadata korban jiwa, sabab dumasar kana hasil laporan ti warga masyarakat teu
saeutik ayana korban jiwa alasan ka bawa cai caah tea. Aparat pamarentah ngarasa
kapanggil jiwa na milu ancrub ka lapangan, keur merenahkeun wargana sangkan jauh tina
marabahaya ku cara ngungsikeun ka palataran anu rada anggang ka wahangan Citarum
tea.
Gubernur Jawa Barat, katut rengrengan satekah polah ngayakeun tarekah sangkan eta
musibah teh teu tumimplik bae, ku jalan nyieun tanggul sacara babarengan disisi wahangan
Citarum.
Tapi teu saeutik warga masyarakat sabudeureun kota Bandung ngarasa prihatin ku ayana
musibah kieu teh, rereongan ngayakeun tarekah ngumpulkeun waragad keur
sumbangkeuneun ka warga anu ka keunaan ku musibah tea.
Utamana nyumbangkeun obat-obatan, sabab geus mimiti loba nu katarajang ku rupa-rupa
panyakit diantarana ararateul jeung mencret, akibat tina cai anu geus pacampur jeung
kokotor tina runtah anu geus buruk.
Ku ayana hal eta, boh pamarentah pusat atawa daerah teu bosen-bosen meredih kawargana sangkan
bisa ngariksa jeung ngajaga lingkungan. Pamungkas ti simkuring, pamarentah ge teu cicingeun ku
ayana musibah kieu teh jadi panyepret sangkan wargana sadar kana pentingna kabersekaan jeung
ngajaga lingkungan tina bibit berewit jeung panyakit.
Rupina mung sakitu...Simkuring ANISA LIDIA seja amit mundur amit mungkur kasadayana.
Wasallam..
Download